RCTI

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Versi yang bisa dicetak tidak lagi didukung dan mungkin memiliki kesalahan tampilan. Tolong perbarui markah penjelajah Anda dan gunakan fungsi cetak penjelajah yang baku.
Gambar:RCTILogo2015.svg
Logo RCTI

PT. MIRA MILIK Kita Bersama Bangsa atawa anu leuwih dipikawanoh minangka RCTI, ngadeg tanggal 21 Agustus 1987 jeung diwangun dina lahan anu legana 10 Héktar.[1] RCTI mimiti ngajumantara dina tahap percobaan kalawan lilana 4 jam dina sapoé, dina tanggal 14 Nopémber 1988.[1] Tuluy ngajumantara dina tanggal 24 Agustus 1989, siaran RCTI ngan saukur bisa ditéwak ku pamiarsa anu boga dékoder jeung mayar iuran unggal bulanna.[1]

genset studio mobil RCTI dipake ku juru kamera.

Dina tanggal 1 Agustus 1990 dumasar kaputusan Menteri Penerangan, pausahaan anu mash sagrup jeung TPI(MNCTV) jeung Global TV téh, mimiti ngaleupaskeun pamakéan dékoder.[1] Nu antukna masarakat anu teu ngalanggan dékoder ogé bisa ningali tayangan RCTI.[1] Mintonkeun rupa-rupa program acara hiburan, informasi jeung berita anu dikemas kalawan matak narik nu nongton.[1]

Kiwari RCTI téh mangrupa sistem televisi aun mibanda jaringan panglegana di Indonésia.[2] Ngaliwatan 48 stasiun relayna, program-program RCTI téh dilalajoanan ku kira-kira 180 juta pamiarsa anu sumebar di 302 kota si sakumna Nusantara, atawa kira-kira 80 % tina jumlah pangeusi Indonésia.[2] Ieu kaayaan démografi téh dibarengan ku rarancang program-program anu matak narik jeung dibarengan ku rating anu hadé, narik minat iklah pikeun mintonkeun promo maranéhna di RCTI.[2]

Sumber

  1. a b c d e f (id)Sejarah RCTI (diakses tanggal 1 november 2011)
  2. a b c (id)Profil Perusahaan RCTI Archived 2010-11-28 di Wayback Machine (diakses tanggal 1 November 2011)