Motor

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Versi yang bisa dicetak tidak lagi didukung dan mungkin memiliki kesalahan tampilan. Tolong perbarui markah penjelajah Anda dan gunakan fungsi cetak penjelajah yang baku.

Sapéda Motor nyaéta kandaraan anu bentukna jiga sapédah tapi leuwih gedé jeung ngagunakeun béngsin minangka bahan bakarna.[1]

Jenis-jenis Motor

Jenis motor dumasar kana golonganna di antarana ;

  • Sapéda motor low rider sapeda nu asalna ti Amerika Serikat anu dipaké pikeun an saukur pikaresepeun, umumna dipakéna naloika peré atawa weekend, sarta teu dipaké jauh ngan saukur ngurilingan kota.[2] Pikeun tampilanna maké aksesoris nu baheula jeung arék ka vintage tapi leuwih ramé.[2]
  • Goped nyaéta kandaaraan alternatif beroda dua anu pernah ramé di Jakarta anu fungsina ngan saukur reresepan jeung jalan-jalan.[2] Tapi kaayeunakeun Goped dipaké minangka kandaraan sapopoé sabab praktis, gampang dipakéna,irit, jrrd.[2]
  • Free style nyaéta kandaraan anu dipaké pikeun gaya jeung mikabutuh kaparigelan anu leuwih pikeun freestyle.[2]
  • Skutik nyaéta Salah satu spesies motor nu teu maké gigi pikeun ngoper sangkan leuwih gancang. Ayeuna keur ramé sabab gampang dipaké, loba onderdilna, jeung miboga merk anu gedé.[2]
  • Vespa Kandaraan anu ngalegenda sabab ti jaman ka jaman teu robah tapi di modif deui sangkan leuwih ngirut, sarta wangunna anu unik.[2]
  • Trail nyaéta motor anu dipaké pikeun di tempat anu ékstrim jeung biasana dipaké offroad sarta katingalina ogé gaya.[2] *Harley Davidson nyaéta motor anu dipaké ku jalama nu beunghar da hargana ogé bisa nepi ka ratusan juta.[2]

Galeri

motor motor motor

motor motor motor motor

Sumber

  1. R.A Danadibrata.2006. Kamus Basa Sunda R.A Danadibrata. Bandung. Kiblat. Halaman445.
  2. a b c d e f g h i https://showroom79.wordpress.com/2011/08/09/ Archived 2012-03-07 di Wayback Machine laporan-harian-20-mengenal-jenis2-kendaraan-roda-2/ (id) (diakses ping 16 Oktober 2011)