Caricangkas

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Versi yang bisa dicetak tidak lagi didukung dan mungkin memiliki kesalahan tampilan. Tolong perbarui markah penjelajah Anda dan gunakan fungsi cetak penjelajah yang baku.
Caricangkas

Caricangkas
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Animalia
Fila: Arthropoda
Kelas: insékta
Ordo: Orthoptera
Subordo: Tettigoniidae
Kulawarga

Superfamili: Proscopioidea

Superfamili: Eumastacoidea

Caricangkas (Tettigoniidae) nyaéta sabangsa simeut anu mibanda kelir héjo, suku tukangna leuwih panjang tur ranggoas tapi leuwih leutik batan simeut séjén anu ukuranna sarua.[1] Caricangkas kumisna ogé leuwih panjang, kalawan ngaluarkeun sora anu ngéngkréng utamana datang wanci burit maju ka peuting.[1][2]

Caricangkas asalna tina genus Tettigonia, nu mimiti ditalungtik ku Carl Linnaeus mangsa taun 1748.[3] Kecap tettigonia téh tina basa Latin hartina wereng; basa Yunani tettigonion, hartina leutik (onomatopoeik) τέττιξ, tettix, cicada.[3] Sok disebut ogé "katydid" atawa onomatopoeik.[4]}} Caricangkas kaasup kana sato nokturnal, taya lian mimiti ngencar tina panyumputan mangsa peuting geus datang.[5] Caricangkas mah hésé pisan katempona, ku lantaran kelir jeung pangawakanna méh sarimbag jeung dangdaunan sabudeureunna.[5]

Pangawakanna kawilang leutik, ti mimiti 5 mm nepika 130 mm mangsa geus déwasa.[5] Caricangkas pang leutikna ilaharna hirup di wewengkon anu garing tur kurang hakaneun, matak awakna laleutik ogé tapi gerakana garesit.[5] Tempat hirup caricangkas dina tatangkalan jeung rungkun kakayon, kadéngé réang disarada mangsa wanci peuting geus datang utamana dina usum halodo.[5] [6]

Anu ngabédakeun caricangkas jeung simeut taya lian ti anteneu atawa kumisna anu panjang, malahan leuwih panjang tibatan awakna sorangan, ogé sukuna ranggoas tur ngajalantir leutik.[5] Umur hirup caricangkas kurang leuwih sataun, mangsa leutik kénéh gancang ngagédéan tapi nangsa geus gedé wakna henteu loba parobahan.[7] Témpona ngendog caricangkas bikang, nunda endogna dina taneuh atawa liang anu aya dina tatangkalan tempat maranéhna hirup.[7] Mangsa endogna megar, anak caricangkas pangawakanna kawas caricangkas déwasa pédah ukurnna leuwih leutik.[7] Kahakanan caricangkas kayaning: dangdaunan, kekembangan, jeung kulit tatangkalan.[8] Sawaréh caricangkas malah dianggap hama pikeun patani, ngan waé jumlahna teupati loba jadi henteu matak ngaganggu kana hasil tatanén.[8]

Dicutat tina

  1. a b Rosidi, Ajip (2010). Ensiklopedi Sunda: alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi. Bandung: Pustaka Jaya. ISBN 9789794192597. 
  2. Sumarsono, Tatang (2010). Singgasana terakhir Pajajaran. Bandung: PT Mizan Publika. ISBN 9789791227926. 
  3. a b "Tettigoniidae". Merriam-Webster. Diakses tanggal 31 March 2015. 
  4. "Tettix". Merriam-Webster. Diakses tanggal 31 March 2015. 
  5. a b c d e f Ediotrs of Encyclopaedia Brittanice & others. "Katydid". Encyclopædia Britannica Online. Diakses tanggal 9 October 2014. 
  6. Febrian Ramadhan (2016-03-10). "Sora caricangkas". youtube. https://www.youtube.com/watch?v=KZ3JPaL7Hjg. Diakses pada 2017-10-28 
  7. a b c Rentz, David (15 July 2010). "A guide to the katydids of Australia". Journal of Insect Conservation 14 (6): 579–580. doi:10.1007/s10841-010-9312-4. 
  8. a b "Tree of Life project". Diakses tanggal 25 November 2013.  Archived 10 Désémber 2014 di Wayback Machine