Biliar

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Versi yang bisa dicetak tidak lagi didukung dan mungkin memiliki kesalahan tampilan. Tolong perbarui markah penjelajah Anda dan gunakan fungsi cetak penjelajah yang baku.
(2011)

Biliar(notog bola), olahraga ieu ogé dipikawanoh jeung sebutan “bal sodok”.[1] Istilah biliar awlna ti basa Perancis bille anu hartina “iteuk” atawa “stik”.[1] Cara kaulinanana nyaéta notog bola di luhur méja segiopat nu aya liangan sarta iteuk nepi ka ngeunaan bal séjén sarta asup kana liangna.[1] Cabang Olahraga ieu, leuwih dipikawanoh kalayan billiard.[2] Kiwari manéhna ogé loba kapanggih di dayeuh-dayeuh badag.[2] Nu mikaresepna cukup loba utamana kaom lalaki.[2] Aya sawatara jinis notog bola.[1] Aya anu ngagunakeun 3 bal, aya ogé anu nagagunakeun 15 sarta 21 bal.[1] Bal-bal kasebut disimpen dina luhur méja.[2] Dina bal sodok 3 bal, méjana teu miboga legok.[2] Anu séjén méjana miboga 6 siki legok, nyaéta 4 di juru méja anu ngawangun opat sagi panjang, sarta 2 di tengah sisi panjang méja kasebut.[2] Jenis olahraga notog bola anu kiwari loba dicoo jelema nyaéta anu maké 15 bal.[2] Bola éta dibéré nomer urut nepi ka 15.[2] Bal panakolna boga warna bodas sarta euweuh nomeran.[2] Lamun bola bodas ieu diitung, jumlahna bola sakabéhna aya 16 siki.[2] Biliar dicoo mimiti di Inggris sarta Perancis dina abad ka-15.[1] Kaulinan ieu miboga kasaruaan jeung croquet, nyaéta olahraga anu ngadorong-dorong bal ku kai pikeun diasupkeun kana gawang lapang héjo.[1] Dina waktu saabad, biliar geus ngembang kalayan pesat.[1] Ayeuna, biliar mibanda ragem kaulinan mangrupa carom, pocket (pool), sarta snooker.[1] Sedengkeun kajuaraann biliar di Amérika lumangsung nu mimiti dina 1859.[1]

Biliar di Inonésia

Dina awalna, kaulinan biliar di Indonésia ngan mikawanoh kaulinan kalayan 3 bal.[1] Biliar 15 bal kakara dipikawanoh Indonésia taun 1960-an.[1] Dina mangsa éta, biliar masih dicoo pikeun dipikaresep hungkul sarta can dijadikeun minangka olahraga.[1] Kaulinanana ogé kawates dina golongan tengah sarta golongan luhur waé.[1] Biliar anyar dipikaresep ku golongan réa dina taun 1970-an. Kaulinan ieu dijadikeun minangka cabang olahraga sanggeus pembentukan Persatuan Olahraga Biliar Sakumna Indonésia (POBSI) dina 9 Okrober 1953 di Jakarta.[1]

Rujukan

  1. a b c d e f g h i j k l m n o (id) Syukur, Abdul. dkk. 2005. Ensiklopedia Umum untuk Pelajar. PT Ichtiar Baru Van Hoeve
  2. a b c d e f g h i j (id) Ensiklopedia Anak Nasional. 1989. PT Cipta Adi Pustaka. Kaca 98